Rabu, 20 Februari 2019



Sasakala Batu nu Bisa Ceurik :: Dongéng

arsip kula|Jumat, 10 Januari 2014|08.35
fbtweetg+
Kacaturkeun jaman baheula, di hiji désa atawa lembur di sisi gunung nu aya di wewengkon Kalimantan, aya hiji awéwé randa nu hirup babarengan jeung saurang anakna, awéwé, nu umurna geus mangkat rumaja atawa sawawa. Éta budak awéwé téh kacida geulisna! Da cacak lamun cicingna di kota mah tinangtu geus jadi pamajikan sudagar kaya atawa kaum bangsawan. Sok sanajan geulis rupana, éta budak awéwé téh ngabogaan sipat anu goréng, adigung, jeung kacida pisan ngedulna!

Sasakala Batu nu Bisa Ceurik :: Dongéng
ilustrasi: Mangle
Biasana lamun indungna indit ka kota rék ngiangkeun hasil tatanén jeung suluh, anakna téh tara diajak, sok sina cicing wé nungguan imah. Tapi dina hiji poé mah anakna téh diajak, ngarah apal kayaan kota sarta ngarah nyaho kawas kumaha ripuhna nu jadi indung dina sual pangabutuh sapopoé. Puguh wé anakna ngarasa bungah naker diakan ka kota téh, da puguh arang langka nyaba. Manéhna tuluy dangdan sateker kebek, ngarah katingal leuwih geulis! Pasusubuh arindit ti imahna téh, laleumpang. Inditna ngakeup suluh bari angkaribung ngajingjing sarta nyunyuhun karanjang nu dieusian ku hasil tatanén jualeun ka pasar. Ari anakna mah leumpang ti heula, ngagandeuang teu barangbawa nanaon pisan! Dangdananana ginding, maké papakéanana nu wareuteuh. Sabalikna ari indungna mah maké papakéanana téh estuning basajan pisan, maké papakéan nu biasa dipaké gawé sapopoéna!

Di jalan di pasampangan, unggal panggih jeung jelema teu weleh waé maruji kana kageulisan budak awéwé téa bari puk-pok naranyakeun ka indungna:

“Leuh, aya ku geulis Ă©ta Si Nyai! Tuang putra Ă©ta tĂ©h, Bu? Ceuk nu nanya. SamĂ©mĂ©h pok indungna ngajawab kaburu dipiheulaan ku anakna dijawab kieu:

“Oh, sanĂ©s, abdi mah sanĂ©s putrana, tapi dununganana! Ieu tĂ©h pakacar abdi!” ceuk budakna tĂ©h bari nuduhkeun indungna.

Kitu jeung kitu wé, unggal aya nu nanyakeun ngeunaan indungna, si budak awéwé téh sok ngajawab yén anu ditukangeun manéhna téh pakacarna atawa babuna, lain indungna!

“Aya ku teungteuingan Nyai, ka indung ngakukeun babu! Ieuh, najan hadĂ©-gorĂ©ng ogĂ© apanan Ema tĂ©h indung hidep! Ceuk indungna.

“Da Ă©ra atuh, Ema! Moal enya ari kuring sakieu gindingna, ku batur pada nyarebut geulis, sedengkeun ari indung sorangan meuni sakitu rudinna! Éra atuda ngakukeunana gĂ©!” tembal anakna bari kuraweud, jamotrot.

Di satengahing jalan indung jeung anak paréaréa omong, pacental-cental! Ahirna bakating ku nyeri haté dihina ku anakna, pok wé indungna téh nyarita kieu:

“Nya enggeus atuh Nyai, ari sakirana manĂ©h bedegong sarta gurat batu mah, embung ngakukeun yĂ©n Ema indung manĂ©h, ti semet ayeuna kĂ©nĂ©h manĂ©h mah bakal jadi batu …! Ceuk indungna. RĂ©ngsĂ© indungna nyarita kitu, dadak sakala langit ujug-ujug angkeub! Gelap pating beledag! Si budak awĂ©wĂ© anu doraka ti indungna kabentar ku gelap! Awakna tutung, sarta harita kĂ©nĂ©h robah jadi batu!

Éta batu tĂ©h ngaluarkeun cai, nu dipercaya cenah Ă©ta tĂ©h cipanon budak awĂ©wĂ© tĂ©a anu keur ceurik lantaran ngarasa kaduhung! Nepi ka kiwari Ă©ta batu tĂ©h nelah disarebut “batu menangis.***

0 komentar:

Posting Komentar

Social Profiles

Twitter Facebook Google Plus LinkedIn RSS Feed Email Pinterest

Blogroll

1-tag:Videos-800px-video

About

Popular Posts

BTemplates.com

Diberdayakan oleh Blogger.

Campus

4-tag:Campus-500px-mosaic

Technology

Comments

3-comments

About

3-latest-65px

Cari Blog Ini

SEARCH

Travelling Diaries

Slider

Testimonials

3-tag:Testimonials-250px-testimonial

Entertainment

Ads block

Banner 728x90px

Courses

6-latest-350px-course

BTemplates.com

Blogroll

About

This just a demo text widget, you can use it to create an about text, for example.

Contact us-desc:Feel free to contact us at anytime about our courses and tutorials.

Nama

Email *

Pesan *

Header Background

Header Background
Header Background Image. Ideal width 1600px with.

Logo

Logo
Logo Image. Ideal width 300px.

Section Background

Section Background
Background image. Ideal width 1600px with.

Section Background

Section Background
Background image. Ideal width 1600px with.

Section Background

Section Background

About

3-tag:Courses-65px

Restaurants

Pages - Menu

Pages - Menu

Popular Posts

BTemplates.com

Blogroll

Blogger news

About

Copyright © MATERI KJD | Powered by Blogger
Design by Lizard Themes | Blogger Theme by Lasantha - PremiumBloggerTemplates.com